Austria mangrupa nagara nu nganggo sistem démokrasi répréséntatif parleménter nu diwangun ti salapan nagara bagian fédéral. Austria jadi nagara anggota PBB ti 1955 jeung Uni Éropa ti 1995.
Dina basa Jérman, ngaran Österreich bisa ditarjamahkeun kana “Karajaan Wétan”. Kecap éta dicandak ti kecap ti basa Jérman Kuna Ostarrîchi. Istilah ieu mereun asalna ti tarjamahan ti Basa Latin pikeun ngaran wewengkon éta: Marchia orientalis, nu hartina “wates wétan”, soalna ogé nagara éta aya dina bagian wétan ti Kakaisaran Romawi Suci.
Wewengkon Austria nu awalna dikenal salaku Karajaan Norikum nu dipingpin ku salah sahiji séké Kelt, jeung mangrupa batur lami Romawi. Wewengkon ieu dicicingan (lain ditalukan) ku urang Romawi dina pamaréntahan Augustus jeung dijieun Propinsi Norikum dina taun 16 SM. Teras, Austria ditalukan ku Hun, Lombardia, Ostrogoth, Bavaria, jeung Franka. Saenggeus diparéntah 48 taun ku Hongaria (ti taun 907 nepi ka 955), wewengkon inti Austria dipasihan ka Léopold ti Babenberg dina taun 976. Saenggeus mangrupa bagian ti Kakaisaran Romawi Suci, Babenberg miboga pamaréntahan ti abad ka-10 nepi ka abad ka-13. Saenggeus Pangéran Fréderick II mangkat dina taun 1246 jeung teu kagungan panerus, Rudolf I ti Wangsa Habsburg ngabagikeun taneuhna ka murangkalihna nu lalaki jeung ngamimitian wanci pamaréntahan Wangsa Habsburg nepi ka awal abad ka-20.
Dina 1918, Austria mangrupa hiji nagara républik nepi ka taun 1934 wanci Engelbert Dollfuss nyieun sistem diktator. Austria dijajah ku Jérman dina rézim Nazi taun 1938. Saenggeus Jérman éléh dina Perang Dunya II, administrasi Austria dipibanda ku sekutu. Dina taun 1955 Austria dibébaskeun jeung jadi hiji nagara républik nu merdéka, saratna Austria kedah nétral.
Austria dibagi kana salapan nagara bagian, (di Austria disebut Bundesländ/er). Nagara bagian ieu teras dibagi deui kana distrik (Bezirk) jeung kota (Stadt). Salajengna dina tingkat nu leuwih leutik dibagi kana Gemeinde.