Caah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
caah di Jakarta

Caah mangrupa kajadian surupna daratan (anu biasana garing) alatan jumlah cai anu ngaronjat.[1] Caah bisa lumangsung alatan mudalna cai anu kaleuleuwihan di hiji tempat alatan hujan badag, mudalna cai walungan, atawa mudalna situ atawa waduk.[1] Di wewengkon anu gersang, taneuhna miboga daya serapan cai anu goréng, atawa jumlah curah hujan ngaleuwihan pangabisa taneuh pikeun nyerepan cai. [1] Sabot hujan turun, anu sakapeung lumangsung nyaéta caah ujug-ujug anu dibalukarkeun kaeusina saluran cai anu garing ku cai. [1] Caah sarupaning ieu disebut caah rongkah.[1] Aya dua faktor parobahan naha caah lumangsung nyaéta

  1. parobahan lingkungan di mana dijerona aya parobahan iklim, parobahan geomorfologi, parobahan géologi sarta parobahan tata rohang. [2]
  2. parobahan ti masarakat éta sorangan.[2]

Hujan mangrupa faktor utama cukang lantaran caah. [2] Parobahan iklim ngabalukarkeun pola hujan robah di mana ayeuna hujan anu lumangsung miboga waktu anu pondok tapi sering. [2] Alatan kaayaan ieu saluran-saluran cai anu aya henteu sanggup deui nandéan badagna aliran permukaan sarta taneuh-taneuh gancang ngalaman penjenuhan .[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e (id)faktor penyebab banjir (diaksés tanggal 21 November 2011)
  2. a b c d e (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.
Nulis.jpg