Wikipédia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Logo Wikipédia Sunda
Wikipédia dina aksara sunda

Wikipédia nyaéta énsiklopédi nu dijieun ngagunakeun software wiki. Hartina, singsaha waé dihaturan ilubiung, kalayan bisa ngarobah atawa ngeusian artikel énsiklopédina. Ieu proyék téh dimimitian 15 Januari 2001, nu mangrupa divisi nirlaba ti Yayasan Wikimédia. Mun artikel tina sakumna basa digabungkeun, kiwari geus leuwih ti sajuta artikel, nu ampir satengahna dina basa Inggris.

Wikipédia téh disusun dina rupa-rupa basa kalayan sipatna nembrak. Wikipédia Basa Sunda mimiti dilalanyahan bulan Maret 2004, anu tujuanana sangkan basa Sunda bisa ngungkulan jeung ngigelan kamajuan jaman. Mudah-mudahan mangpaat pikeun urang Sunda, sarta masarakat umumna.