Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui. Continue reading “Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé”

Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun koréspondénsi jeung M. Everson, salah saurang anggota Konsorsium Unicode. Bulan Juni 2006, M. Everson ngasupkeun proposal slot aksara Sunda ka Unicode. Bulan Agustus 2007, aksara Sunda napak dina tahap VI standardisasi Unicode sarta asup naskah publikasi ISO/UTC dina taun 2008. Bulan April 2008, aksara Sunda resmi asup Unicode anu range-na nyaéta U+1B80 – U+1BBF. Continue reading “Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda”

Basa Sunda di WordPress.com

Sanggeus WordPress.org Sunda midang ti mimiti sawatara bulan ka tukang, kiwari disusul ku dikiwarikeuna basa Sunda di WordPress.com. Najan kaitung leuir kacida, hal ieu jadi kareueus pikeun urang Sunda nu resep ngeblog di WordPress.com. Basa Sunda kaasup basa Daerah nu hirup di Indonesia nu pangmunggaran sadia di WordPress sanggeus aya nu kungsi ngalokalkeun WordPress.org kana basa Nias. Continue reading “Basa Sunda di WordPress.com”